Senin, 21 Oktober 2013

Assalamualaikum dulur sadayana......
Daramang dulur? Abdi gaduh sisindiran sakedik yeuh.....


"Kaso ponok kaso panyang
kaso ngaroyom ka jalan
sono monok sono nganjang
sono patepang di jalan"

"Ka ci guha nganggon munding
mawa enteh ka saguling
itu saha mendi gining
singhoreng teh nini kuring"

"meuncit meri dina rakit
boboko wadah catur
lain nyeri ku panyakit
kabogoh di rebut batur"

"kulu-kulu buah manggu
titiran macokan buah kiara
sanes kuru teu nyatu
mikiran badan salira"

"Kutu anying jadi supir
tumila jadi wadana
kudu eling tur mikir
di dunya mah moal lana"

"Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok"

"Colenak dikalapaan
Aya anak euweuh bapaan"

"Salawe dua puluh lima
Mobil Sedan Cetna Hejo
Awewe jaman ayeuna
Bisa dandan teu bisa ngejo"

"Samping kebat dilelepe
samping poleng digulung deui
kuring lepat nya mepende
sing horeng indung si nyai"

"Rincik rincang rincik rincang
saladah gede beungketna
sidik pisan sidik pisan
nyi randa ageng ...."

"Tat tit tut daun sampeu
saha nu hitut saha nu ngambeu
dibawa ka saung butut
datang-datang pakdurudut"

"Jalan-jalan ka cianjur
nijek batu ngajelegur
hanas kuring meuli bajigur
diambuan bau bujur"

"kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
nini nini keur mendeyang
di bekok peperedeyan"

"Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol"

"Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana"

"kacibogo kacibadak
meuli ragi di bendunagan
ulah bobogohan jeng budak
mahugi pepeulendungan"

"Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kanu kumisan
si nona kalahka jebleh"

mung sakitu sisindiran na lur...
Kirang langkung na nyhunkeun hapunteun

buah tomat
buah peuteuy
tamat euy... Hahahaha teu rame,

wassalamualaikum.wr.wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar